Artikel Terbaru


Posted by : 7r3m0r Sunday 3 July 2011


 Dina hiji jaman, tilu sahabat keur di ajar di bangku SMA. Anu hiji ngarana Anton dua deui ngarana tantan jeung nanang, manehna tiluan téh babaturan ti SD nepi ka bangku SMA. Hiji waktu tiluan éta di titah ka harep ku guruna macaken dialog bahasa inggris. Di tengah tengah dialog, si anton ngaharéwos ka si nanang.

Anton : “Nang urang hayang hitut teu kuat”
Nanang : “Ah manéh mah aya aya waé” bari seuri
Si nanang ngadéngékeun omongan si anton bari cecengiran. Nya puguh guru anu ngajar téh ngadéngé si nanang cecengiran. Apék di Tanya ku guruna.
Bu guru : “Nanang, naha bet cecengiran lainna tuluykeun dialogna !” sabari ngambek.
Nanang : “Ibu da teu kuat haying seuri” bari cecengiran.
Bu guru : “Na kunaon bet haying seuri ?”.
Nanang : “Tadi si anton ngaharewos yen manehna haying hitut” bari seuri.
Pek teu lila si anton ngaluarkeun sora tina bujurna (Dut). Babaturanna kabéh babarakatakan seuri, iwal ti manehna.
Bu guru : “Ari maneh hitut the di mana wae !”.
Anton : “Enya bu da teu kuat” sabari tungkul.

            Balik sakola tiluan sahabat éta balikna bareng. Di jalan babaturan si anton kabéh nyengserikeun sabari nyirikan manehna.
Tantan : “Ngges lah ulah di pikiran”.
Nanang : “Heeh maneh teh”.
Anton : “Da era atuh”.
Tantan : “Ngges kieu ayena mah. Ngges baralik ka imah, urang arulin”.
Nanang : “Hayu atuh. Tapi kamana ulin na ?”.
Tantan : “Urang ngamen yu ah di kareta”.
Anton : “Heeh ah, ameh teu mikiran deui kajadian tadi”.
Tantan : “Tah kitu atuh maneh the ulah mikiran wae”.
Anton : “Hayu ah urang gera gancang balik ka imah. Lapar yeuh” Baru nyekelan beteng.
Tantan : “Maneh mah pantesan tadi hitut the da mikiran na dahar wae” bari ngadegungkeun.
Anton : “Heeh sok maraneh lapar teu ?”.
Tantan : “Heeh ketang lapar gening ngadengekeun omongan maneh”.
Tiluan na baralik kaimah masing masing.

            Nanang, tantan, jeung anton ngarumpul di saung sisi sawah bari gigitaran.
Nanang : “Tan ari karetana jam sabaraha datang ka stasion na ?”
Tantan : “Jam dua”.
Nanang : “Hayu atuh indit. Ieu ngges jam satengah dua”.
Anton : “Heeh manéh téh bisi tinggalen datang kadituna”.
Tantan : “Hayu atuh. Tapi maneh duaan marawa duit teu ?”.
Nanang, anton : “teu mawa”.
Tantan : “Ah maranéh mah tau ngamodal pisan”.
Nanang : “Urang nginjem heula atuh ka manéh !”.
Tantan : “Ah enya mah teu ngamodal, nginjem deih”.
Nanang : “Bae atuh ke ku urang di dantian di sakola”.
Anton : “Sabaraha dih ongkos naék karéta téh !
            Tau pira oge sarebu pérak, ngké ogé menang mereng dina ngamen”.
Tantan : “Heeh hayu atuh gera indit”.

            Nanang, anton, jeung anton lelempang ka stasion bari harerey. Pas nepi di stasion tiluan sahabat éta merelu tiket ka loket. Di tempat diuk si tantan nyadar yen manehna inget duitna tinggalen di saung.
Tantan : “Nang maneh tadi ningali duit urang tau di saung ?”.
Nanang : “Éta sugan manéh nenden na di mana ?”.
Tantan : “Heeh poho tadi duitna di selapkeun di saung. Sugantéh ku maneh geus di bawa”.
Nanang : “Kumaha atuhh meuli tiketna ari eweh duina mah percuma”.
Anton : “Ngges lah maneh ulah meuli tiket. Da ngke oge tara aya anu nagihan ngges di kareta mah”.
Tantan : “Leheng mun eweh, mun aya kumaha ?”.
Anton : “Tajong ku urang, da maneh mah ngalamun. Barina oge tingali lobaan anu naraekna”.
Nanang : “Heeh lah urang turutan omongan si anton bisi kaburu indit karetana”.
Tiluan sahabat éta naraék ka kareta. Di jero ,aranehna ngaramen.
            Téu lila pas ngamen si tantan ningali bapa-bapa anu mae kacamata hideng  kakaradah kantong ibu-ibu anu di sisieun si anton. Manehna ngaharewos ka si anton.
Tantan : “Ton tingali éta bapa-bapa di sisieun ibu-ibu sisieun manéh.
 Tingali lengenna kakaratak kana kantong ibu-ibu éta”.
Anton : “Ah maneh mah ngarang wae”.
Tantan : “Éta tingali geura”.
Anton : “Heeh gening tan. Sigana copet étamah” bari ningali ka bapa-bapa anu make kacamata hiding.
Pek teu lila si anton hayang hitut. Brot tidinya keneh. Kabeh penumpang narutupan irung.
Tantan : “Ton ieu saha anu hitut meni bau kieu” bari nutupan irung.
Anton : “Ngges lah jempling” bari ngaharewos.
Tantan : “Eleh-eleh mulai deui manéh mah. Goréng parab da manéh mah”. Bari seuri
Anton : “Heeh da kolot urang mah jelema teu boga, pantes goreng parab ogé. Daripada teu bisa hitut       kudu boga duit 5 juta. Urang mah jelema teu boga ogé bisa kénéh hitut”.
Tantan : “Heeh lah kumaha manéh wé. Ameh gancang”.
            Ngges lila kareta eren di stasion. Bapa bapa anu make kacamata hideng mawa dompet dina kantong ibu ibu sisien si anton. Tuluy si anton ngagorowok tarik.
Anton : “Maling . . . . maling . . . . . “.
            Atuh puguh panumpang téh naringali. Nya puguh atuh kabeh panumpang narenggelan éta maling. Tuluy si maling teh di bawa ka kantor polisi. Ku panumpang karéta api. Si anton jeung babaturanna kalakah kalabur da sien di tagih karcis..

- Copyright © 2013 Prolink Coder Ori by Djogzs - Powered by Blogger - Design by Papoy -