Artikel Terbaru


Posted by : 7r3m0r Sunday 3 July 2011

Résénsi pilm laskar pelangi
Laskar pelangi
Produksi : miles pilm jeung mizan production
Sutradara : Riri riza
Produser : Mira lesmana
Pamaen : -Cut mini (ibu muslimah)
                   -Ikranagara (pa Harfan)
                   -Tora sudiro
                   -Slamet raharjo
                   -Mathias muchus (Bapana Ikal)
                   -Rieke diah pitaloka (Ibuna Ikal)
                   -Alex komeng (Bapana lintang)
                   -Jajang C. Noor
                   -Robby tumewu

                Pilm ieu dicaritakeun di ahir taun 70an di hiji pulau deukeut sumatera nyaéta pulau Belitung anu kasohor ku kakayaan alam timah anu bakal jadi éxploitasi nagara dina waktos eta. Di hiji sakola anu hésé milarian siswa, kusabab system pendidikan anu di anggap “katinggaleun” sanggeus meunang parentah ngarah bisa ngumpulkeun 10 siswa. Sangkan tiasa sakola di eta tempat.

                Kanggo ibu muslimah jeung pak harpan lain pancén anu gampang. SD muhammadiyah menang SD Islam anu kahiji anu Belitung jeung kaayaan sakolana anu enggeus ruksak jeung suhunan anu bolong jeug pasti bocor lamu hujan dating. Tapi globalisasi jeung kabutuhan kana pendidikan modern ka geser kaayaan jadi sakola anu dijauhan ku jalma rea.

                Kasebut ikal, lintang, jeung mahar anu jadi tokoh utama di pilm ieu,  jeung sumangetna kasakola sanajan jauh oge. Lintang nyaeta budak anu pinter sanajan ngan maca Koran jeung majalah urut. lintang jadi budak anu pangpinterna dibandingkeun jeung babaturanna anu sejen. Ikal anu loba tatanya, anu sumanget diajar wae. ngajadikeun lintang jadi panutan sanajan lintang teu sadar. Mahar anu bakal jadi seniman anu boga gaya ciri khassorangan, jeung anu sok ngadengekeun waé radio butut, nyaeta sok anu ngajadikeun suasana rame.



                Loba kajadian anu di caritakeun lucu, anu make logat melayu siga di taun 80an. Kusababbarudak eta anu kompakunggal poe. Jadi Bu Mus mere ka barudak éta landihan/sebutan laskar pelangi.

                SD muhammadiyah jeung SD PN TIMAH nyaeta sakola anu paporit/kasohor anu jadi saingan SD PN TIMAH anu murud-muridna tina kaluarga anu beunghar beda jeung murid-murid SD muhammadiyah anu ngandalkeun kakompakan barudak sanajan barudakna ti kalangan handap.

                Aya hiji prestasi nyaéta basa SD muhammadiyah ngilu lomba karnapal 17 agustus 1979 anu di ayakeunku pihak SD PN TIMAH. Sumanget diajar barudak SD muhammadiyah keur masa depan maranehna jeung Bu Muslimah anu sabar ngabimbing barudak komo deui pas pa harpan maot.

                Barudak di uji ku cobaan-cobaan anu ngaganggu SD muhammadiyah tapi sanajan eta SD muhammadiyah bisa jadi SD anu katingali kasohor alus ti Belitung.

- Copyright © 2013 Prolink Coder Ori by Djogzs - Powered by Blogger - Design by Papoy -