Artikel Terbaru


Posted by : 7r3m0r Sunday 3 July 2011

Dina hiji poe ,aya sakumpulan jajaka keur ngariung di tempat pos.Maraneh na keur anteung maen  karambol.

Udin: “ Ah… Manéh mah bisa teu maén karambol téh,geuning éléhan waé.” Udin ngajawab
Asep:” Gandéng kéhéd manéh téh,jadi jalama meni gédé hulu pisan .Cicing wéh da calon jawara mah éléh heula mimiti na.”
Ujang:” Heeuh, ges  éléh tuluy paéh.”
Andri:” Geus tong paraséa wae atuh,meni kawas Ucing jeung Anjing .Cik alakur sakedeung mah!”
Ujang:” Ari ayeuna hari naon, barudak?” Ujang nanya.
Andri:”Ah…manéh limpeuran jadi budak téh,nya ayeuna mah hari kamis atuh.” Asep ngajawab.
Ujang:” Eleh hari kamis ayeuna téh,kan ayeuna bagéan urang ngaronda lain?”
Andri:” Oh…heeh, kuring can balik ka imah ti isuk kénéh.”
Udin:” Pantesan asa barau haseum tadi téh, geuningan silaing nu can mandi téh.”
Andri:” Eh…kan kuring mah cinta kanu kotor atuh, kan aya tina iklan ogé, ari kotor téh alus.”
Udin:” Geus lah kumaha manéh wéh , meni asa teu berséka hirup manéh.”
Asep:” Kan ayeuna geus maghrib, jadi urang baralik heula ka imah masing-masing, nyiapkeun méntal jeung fisik keur ngaronda peuting!”
Udin,Ujang, jeung Asep :” Hayu atuh,bisi dicarékan ku kolot!”

Harita kénéh jajaka éta téh baralik ka imah na masing-masing sabab waktu geus nunjukeun shalat maghrib.Kaayaan désa éta téh geus pinuh ku caang na lampu,sora angin ngagelebug ngagerakeun tatangkalan pas pisan poé éta téh keur poé jum’at kliwon.Teu lila jajaka-jajaka éta téh ngarumpul deui di tempat pos.

Asep:” Eleh-eleh kamarana barudak téh , jam sakieu can daratang kénéh?”
Udin:” Cik sabar atuh silaing téh ,bisi di jalan kénéh !”
Teu lila si Ujang jeung si Andri dating bari lumpat teu puguh siga ningali jurig.
Udin:” Aya naon ieu,datang-datang bengeut geus teu mangrupa , siga nu di udag anjing waé?”
Andri:” Henteu, kuring mah ngan ngajak balap lumpat hungkul jeung si Ujang ( bari hahéhoh).”
Ujang: “Ah….manéh mah ngalicik, méan ninggalkeun waé.”
Asep: “ Ngararewaskeun waé silaing mah.”
Udin: “ Hey barudak, ngadéngé teu gosip anu keur ramé di kampung ieu?”
Andri: “ Paling ogé ngan ukur gossip awéwé, mun teu aya imah warga nu kamalingan.”
Udin: “ Matak na dangukeun heula ari kuring ngomong téh !”
Ujang: “ Heeh ,naon atuh gosipna?”
Udin: “ Ngadéngé mah ayeuna téh keur ramé ngomongkeun  “ Poling” alias Pocong Keliling.”
Andri: “ Wah nu bener ngomong téh?”
Udin: “ Bener ari manéh, ayeuna geus nepi ka desa gigireun éta poling téh.”
Asep : “ Wah….kuring jadi horéam ngaronda jadi na.”
Andri: “ Ah….manéh mah borangan jadi budak téh .”
Asep: “ Emang teu sieun kitu manéh?”
Andri: “ Make jeung sieun kana nu kitu, dina aya na oge ku kuring rék di ajak gapléh nu kitu mah.”
Udin: “ Geus ah…jadi ngalantur kieu ngomong téh , nu  penting mah urang kudu percaya kanu ayana Gusti Alloh.Tong percaya kanu kitu mah , éta mah ngan jin nu keur ngajalma hungkul,ayeuna mah urang nguriling mantau kaayaan desa!”

Maranéhna tuluy arindit dina tempat pos keur mantau kaayaan desa,hiji-hiji imah warga dipantauan ku maranéh na bisi aya nu teu aman.Teu lila salah sahiji jajaka ereun tina mantau na kusabab hayang ngompol.

Andri: “ Kéla barudak tungguan heula sakedeung!, kuring hayang ngompol tapi eweuh tempatna, kumaha atuh?”
Ujang: “ Ah, meni lalinglung pisan manéh, geus weh tina tatangkalan gédé éta kade kudu ijin heula kana nu nungguan na!”

Tuluy jajaka éta téh indit ngompol ka tatangkalan dekeut imah warga nu jarang dicicingan.Teu lila jajaka éta téh ngajerit teu puguh kawas singa ngamuk.

Andri: “ Tuluuung……… kuring barudak!”
Asep: “ Wah…… aya naon Dri?”
Andri:” Itu tingali aya nu gagalantungan dekeut korsi itu!”
Ujang: “ Mana Dri nu gagalantungan téh?”
Udin: “ Tingali Jang, siga poling éta mah!”
Asep: “ Wah…….nu bener?”
Andri,Asep, Ujang, jeung Udin :” Hayu urang luncaaaaaaat……….!”

Maranéh na lalumpat cing balaleucir kawas Bagong nu keur diudag Anjing nepi ka tikusruk kana solokan dekeut imah éta.

Ujang: “ Aduh… suku urang boléksék euy! , maranéh teu nanaon barudak?”
Udin,Ujang,jeung Andri:” Teu nanaon, tapi sarua siga manéh.”
Ujang: “ Mendingan urang tingali heula bisi wéh lain poling éta téh!”
Andri: “ Alim ah…….. kapok urang mah ningali poling deui mah.”
Asep , jeung Udin :” Eeuh…….jadi manéh nu borangan?”
Ujang : “ Geus hayu … tong sieunan kan urang téh jalma muslim nu miboga kayakinan ka Gusti Alloh!”

Tuluy maranéhna nyalamperkeun kana nu dekeut gagalantungan imah téh,bari tipararungkut ku sarung ngabuleun sakabéh awak.

Ujang:” Hahaha……..(seuri) .”
Andri: “ Ku naon manéh bet seuri ,kan éta teh poling nu ditingali ku manéh?”
Ujang: “ Buka geura sarung na , percaya ka kuring éta mah lain poling téa!”
Andri:” Eh….kéhéd sugan téh poling ari pek téh  karung bodas nu ditalikeun, mun kitu mah kuring gé moal sieun atuh.”
Udin jeung Andri: “ Hahaha……(seuri) gandéng manéh ,geuningan jalma nu leuwih borangan aya di hareupeun urang.”

Sakabéh jajaka éta sareuri sapapanjang jalan nepi ka nyeri angeun na kusabab teu nyangka nu gagalantungan téh ngan karung bodas.Nu parahna si Andri ngompol dina calana sabab sieun ningali .Tuluy maranéhna balik deui ka tempat pos ronda.

- Copyright © 2013 Prolink Coder Ori by Djogzs - Powered by Blogger - Design by Papoy -